Rabu, 28 April 2010

Jangjawokan Masyarakat Sunda Buhun

Sahadat Islam

Sahadat islam aya dua:

Ngaislamkeun badan kalawan nyawa.
Dat hurip tanggal iman.
Ngimankeun badan sakujur.
Hudang subuh banyu wulu.
Parentah kanjeng Gusti.
Nabi Adam pangyampurnakeun badan awaking.
Sir suci.
Sir Adam
Sir Muhammad.
Muhammad jalanna
Nu aya di saluhuring alam.

Sahadat Sunda

Ashadu sahadat Sunda.
Sapapada jeung pandita.
Neang indung nu kabduhu.
Neang Bapa Hidayyatullah.
Nu mayungan sajagat.
Neangan Pangeran Kudratullah.
Laillahhailloh Muhammad Rasulullah.

0 komentar:

Posting Komentar